Jumat, 30 Maret 2012


Sajak dina kertas koneas keur nu dipicangcam


Nun rob sembaheun abdi sadaya, asal ti Anjeun mulih ka Anjeun, ieu gudawang katutup ku inallilahi wa inailaihi roji'un...ngan kuring humandeuar nyoreang lewang taya geusan muntang di dunya, tinggal sabeulah totonden keur kuring...pamugi ditampi iman islam mabra hurung mubyar ngabulungbung di paniisan.


Paingan layung kamari melengkung nungguan tangtung.
Paingan kamari hujan muruluk ngeprul nungguan wujud.
Geuning ruh nu sajati mulih dicandak ku Salira.
seungit..meleber..awun-awunan nyambuang ka nirwana melengkung payung agungna muruluk kembangna.
Ayeuna katineung keur anjeuna.



Dina angin humandeuar ngucap ka Rob, angger kapicangcam.
Iman islam amal.....percanten timbangan moal ka kiwa, Rob seuri keur salira...tapi kuring Pa .................tacan puguh.



Magrib munggaran nyimpen katineung ka salira...doa-doa meleber natrat ngagurat kanggo salira...jeung kuring dina lempayna sajadah masih reumbeuy cisoca bari nyambat, teu maksad bade ngabeungbeurat, ngan ieu katineung ti kulawargi keur salira....bapa kuring sono najan karek kamari jengkar ka nirwana.


Sajak-sajak natrat dina kertas koneas semu koneng, lambaran hiji dua tilu opat jeung saterusna.
Gurat dunya kagambar ku anjeuna, kasurti kuring kasurti Apa, geus wancina Apa...kuring kudu ajeg dina hibar hurung herang katumbiri sawarga..geusan seuri jaga...siga Apa



Kebek dina dada renghapan pinuh ku salaksa do'a angger salira nu utama.
Tinggali Apa..seuweu-siwi ngumpul ngariung madungdengkeun Apa, suka seuri sempal guyon..sapertos kahoyong apa... Tapi abdi....kebek keneh ku pangawasa hate sangkan ragrag cisoca...sono Apa, abdi sono.



Aya guguritan dina lempay pucuk kalapa basa oyag ku angin munggaran dina waktu sanggeus subuh.
Lir ngabejaan macangkrama tereh lekasan.
Ngan kuring harita siga nu sulaya , pajar rek nyaah, geuning ari disungsi asa loba kanyeri batan kasuka nu ngancik na dadana.
Ayeuna pucuk kalapa ngageuing ati ngajak lilir menta dihampura..meredih ikhlas menta ridho, ari kuring kumaha? (keukeuh teu mikeun najan takdir hyang widhi). Bati hanjelu hanjakal nyangkaruk dina pikir.
Hampura Apa...........



Gelebug angin dina tengah maret, mawa kahayang kuring sangkan ditepikeun ku Rob ka ruh sajati.
Anteng menekung dina sawarga pamenta ngaliwatan sajadah.
Ngageter....nyesek....tapi ni'matna ngagalura jeroeun dada.
Kagareuwah ku seuweu-siwina nu miharep pamepende..mugia kecap pamenta teu lekasan, jeung kuring ulah bosen sangkan terus mupuk harepan keur Salira.

rada lita gulidag kanyeri dina dada, ngan ngageuri panghampura ngageter dina kolbu salawasna..cag pungkas kasedih gantian ku do'a...Salira ngancik dina rasa, jeung cipta kuring.....kasonomah natrat salilana keur Apa...


Wanci nyerelek lir jarum jam nu nektrek unggal detik ngan teu weleh disada. Teu karasa rek tujuhna..moal cacap ieu ikhlas, moal anggeusan ieu ridho..dina sajadah masih leukeun dikecapkeun kacapangan pasti keur anjeuna...allohumaghfirli dunubi liwaliwalidaya warhamhuma kama robbayani shoghiro...........


Tepis wiring tengah maret 2012

Kamis, 29 Maret 2012

HUMANDEUAR NYOREANG ALAM KATUKANG

Hiji waktu basa kuring keur balik gawe, aya beja majar cenah aya hiji kamonesan tatar sunda nu keur latihan rek maen teuing di mendi. panasaran teang ah cikan kumaha rek disaksian, nya indit weh.

Barang nepi ka tempat nu dituju wah rame sora awi pakentrung ditakolan, geuning teu ku hanteu aya keneh nu resep kana seni model kitu. Matak pogot ninggali jeung ngaregepkeun sora katut wirahma nu di pedar, ngageleser kana manah sumarambah kana bayah.

"Ahhhh asa hayang ngiluan", ceuk kuring na hate bari panon jeung ceuli teu leupas tina nu keur midang. Karek ge aya kereteg na atuh ujug-ujug digeroan ku nu keur maen, bejana pamaen kurang hiji. Alahhhhhhhh...asa mobok manggih gorowong sakalian derrr we ah miluan.

Ngaran waditrana dihijikeun jeung ngaran kaseniana "Calung" hiji kasenian nu datang ti pasisian nyobaan ngundeur luang mawa waktu sangkan kajaga tur lestari. Nu maen malah geus lain nonoman (sigana nu umurna handapeun 30 ngan kuring hungkul) lolobana geus deukeut ka tengah tuwuh 40 ka luhur. Ngan kade kitu-kitu oge ketak kabisana geus ayaan, geuning make jeung jadi juara Jabar-Banten katut DKI ieu grup teh tug nepi kiwari can aya nu ngaganti.

Kuring ngarasa bangga bisa jadi anggotana  sok sanajan ayeunamah ukur jadi pangganjel tapi elmu kasenian nu ku maranehna dibikeun estuning leuwih ti cukup malah kuring ngarasa asa kurang keneh loba nu can dibikeun siganamah nungguan kuring sawawa.


Tah kitu keur mitembeyan blogmah sugan jeung sugan ke aya waktu jeung purun kuring nyobaan diajar nulis deui. cag kanca.